Rabu, 27 Mei 2009

Mantra Sunda

1.1 Kasang Tukang Masalah

Tiap-tiap sélér bangsa tinangtu pada-pada mibanda ajén budaya. Ajén budaya hiji sélér bangsa bakal kagambar tina sakabéh perkara anu aya patalina jeung kahirupan manusana. Budaya mibanda harti:

“kelompok adat kebiasaan , pikiran, kepercayaan, dan nilai yang turun-temurun dipakai oleh masyarakat pada waktu tertentu untuk menghadapi dan menyesuaikan diri terhadap segala situasi yang sewaktu-waktu timbul, baik dalam kehidupan idividu maupun dalam kehidupan masyarakat sebagai keseluruhan” (Baried, 1983: 85-86).

Sakumaha anu kaunggel di luhur yén kabudayaan téh nya éta rupaning hal anu aya patalina jeung kahirupan. Dina raraga mikanyaho kabudayaan hiji sélér bangsa tinangtu perlu mikaweruh unsur-unsur budaya nu umum atawa universal. Nurutkeun Koentjaraningrat (1974,12) aya tujuh unsur budaya anu miboga sipat universal, nya éta 1) sistem réligi jeung upacara kaagamaan, 2) sistem organisasi kamasarakatan, 3) sistem pengetahuan, 4) basa, lisan jeung tinulis, 5) kesenian, 6) sistem pakasaban, jeung, 7) sistem téknologi jeung pakakas.

Kamekaran budaya Sunda dina kahirupan henteu leupas tina rupaning faktor anu mangaruhanana, salah sahijina nya éta minat jeung kahayang masarakat kana karya sastra. Ieu hal téh patali jeung kalungguhan sastra salaku karya seni. Karya seni mangrupa kréativitas manusa pikeun méré kasenangan jeung kani’matan éstétis. Dina ambahan nu leuwih lega, kalungguhan karya sastra téh nya éta salaku sarana pikeun nyumponan kapentingan, pikiran, jeung rasa manusa boh pikeun pribadi boh pikeun lingkunganana.

Karya sastra mangrupa salah sahiji wujud tina kabudayaan anu gumelar dina kahirupan manusa. Di Indonesia, hususna di masarakat Sunda karya sastra gelar dina rupa-rupa wanda. Ieu hal téh nuduhkeun kajembaran hasanah budaya Sunda. Ayana rupa-rupa wanda karya sastra lantaran masarakat Sunda anu rancagé, anu ngabalukarkeun di masarakat Sunda leubeut ku hasil karyana.

Karya sastra mangrupa rakitan basa nu éndah. Nu ngahudangkeun rasa éndah téh lain ngan ukur tina jihat basana wungkul, tapi leuwih nyoko kana eusina. Hal anu ditepikeun téh mangrupa tarékah pikeun nepikeun bebeneran. Jadi bisa disebutkeun yén basa téh mangrupa titiron dunya subjektif manusa. Karya sastra mibanda kalungguhan salaku karya seni nu digelarkeun ngagunakeun pakakas basa, salian ti mangrupa média pikeun ngébréhkeun idé, kahayang, gagasan hirup, katut intuisi sacara éstétis.

Sacara umum, nilik kana wangunna karya sastra kabagi jadi tilu bagian, nya éta wangun lancaran, wangun puisi, jeung wangun carita. Tilu wangun (génré) sastra ieu gelar ngaliwatan (medium) lisan jeung tulisan. Karya sastra anu gumelarna ngaliwatan tulisan tinangtu bakal leuwih lila tinimang karya sastra nu gumelar ngaliwatan lisan boh umurna boh kaaslianana. Ieu hal gé sajalan jeung pamadegan Iskandarwassid (2003:139) nu nétélakeun yén lamun nilik kana médiana, aya nu kagolongkeun kana sastra lisan jeung tinulis. Disebut karya sastra lisan lantaran tumuwuhna, mekarna, jeung sumebarna ngaliwatan media lisan (ucapan). disebut karya sastra tinulis nya éta anu hirupna dina média tulis.

Nurutkeun kana waktuna gelar karya sastra Sunda téh kabagi kana dua bagian nya éta: 1) karya sastra Sunda buhun, nu mangrupa jangjawokan; kakawihan; pupujian; sisindiran; pupuh; wawacan; carita pantun; dongéng; jeung 2) karya sastra Sunda modern nu mangrupa carita pondok (carpon); novel; sajak jeung carita drama (Koswara, 2003: 107).

Salah sahiji karya sastra buhun anu gumelar ngaliwatan lisan téh nya éta mantra. Éta karya téh mimiti langka, bisa disebutkeun geus teu dipaké tur diguar deui eusina. Padahal dina mantra sorangan nyangkaruk ajén-ajén budaya manusa Sunda. Ku lantaran kitu, sawadina urang Sunda ngayakeun panalungtikan ngaguar eusi jeung ajén budaya nu nyampak dina karya sastra buhun. Ieu hal mangrupa tarékah pikeun ngamumulé budaya Sunda karuhun anu geus diwariskeun ulah nepi ka teu dipikanyaho ku generasi Sunda kiwari sarta pikeun bahan pieunteungeun dina ngalakonan kahirupan.

Panalungtikan budaya bisa dilakukeun ku cara ngimvéntarisir, ngidéntifikasi, nganalisis jst. Aya sababaraha hal anu bisa dilakukeun dina ngidéntifikasi budaya. Kartodirjdo dina Herlina (makalah, 2008) nétélakeun yén idéntifikasi budaya bisa dilakukeun ku cara nilik jeung metakeun unsur-unsur anu nyampak dina gaya hirup salah sahiji masarakat, diantarana: 1) ngaran jeung gelar; 2) struktur imah; 3) étikét jeung basa; 4) kahirupan kaagamaan jeung kapercayaan; 5) pusaka jeung upacara sakral; 6) kasenian; jeung 7) rékréasi. Ku éta hal panalungtikan budaya bisa dilakukeun ku cara ngaidéntifikasi unsur-unsur budaya anu universal sakumaha anu geus disebutkeun di luhur ku Koentjaraningrat.

Naskah anu ditalungtik dina ieu panalungtikan nya éta naskahKumpulan Mantra. Ieu naskah mangrupa salah sahiji naskah Sunda buhun. Aksara anu digunakeun nya éta aksara Arab-Pégon, jeung basa anu digunakeun nya éta basa Sunda, basa Arab, jeung basa Jawa.

Anu jadi dadasar nyokot ieu judul nya éta: 1) pikeun ngawanohkeun deui karya sastra Sunda buhun hususna mantra anu geus méh dipopohokeun; (2) naskahKumpulan Mantra mangrupa téks fiksi, tapi éta téks teu leupas tina kahirupan budaya dina mangsa éta mantra ditulis jeung digunakeun jeung; (3) ngadeskripsikeun ajén budaya nu aya dina naskahKumpulan Mantra”.

Anu jadi puseur pedaran panalungtikan nya éta ajén budaya Sunda nu aya dina naskahKumpulan Mantra. Lantaran dina éta naskah téh leubeut ku ajén-ajén budaya jeung kabiasan nu kungsi lumangsung. Ajén-ajén anu luhung titinggal karuhun tangtu baris ngahudangkeun rasa kareueus, ajén diri, anu satuluyna bakal ngaronjatkeun peradaban hirup urang Sunda.

Panalungtikan-panalungtikan ngeunaan mantra anu geus aya diantarana nya éta; “Bagbagan Puisi Mantra” (1970) ku Yus Rusyana jeung “Apréasiasi Puisi Kesusastraan Sunda” (1984) ku Yetty Kusmiati. Dina wangun skripsi diantarana nya éta; “Puisi Mantra pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra Sunda di SMP” (Lina Herlinawati, 1997), eusina ngeunaan téori mantra, conto analisis puisi mantra jeung model pangajaranana. “Analisis Téks jeung Kontéks Puisi Mantra di Kacamatan Nagrak Kabupatén Sukabumi” (Rétty Isnéndés, 1998), nu eusina ngeunaan analisis téks jeung kontéks puisi mantra. “Inventarisasi Puisi Jangjawokan di Kampung Anggacarang Kacamatan Bojongloa Kidul Kota Bandung pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SLTP” (Kiki Maria Hodijah, 2003), nu eusina ngeunaan pilihan référénsi jeung inovasi anyar dina nepikeun pembelajaran ngeunaan puisi jangjawokan. “Analisis Puisi Mantra di Désa Malati Kacamatan Naringgul Kabupatén Cianjur” (Dadang Gunawan, 2004), eusina ngeunaan cara meunangkeunana (ngulik) jeung cara makéna mantra, jeungPuisi Mantra di Kampung Ciarileu Kacamatan Cikajang Kabupatén Garut: Inventarisasi jeung Analisis Ajén Éstétis Struktur” (Aneu Nurlela 2008).

Kalayan dikasang tukangan ku pentingna ngamumulé ajén-inajén budaya nu nyampak dina naskah-naskah heubeul ieu panalungtikan kudu dilakukeun. Panalungtikan anu baris dilakukeun nya éta ngidéntifikasi ajén budaya dina naskah heubeul wangun mantra, jadi ieu panalungtikan dibéré judul “Idéntifikasi Ajén Budaya Sunda dina Naskah Kumpulan Mantra”.

1.2 Masalah

1.2.1 Idéntifikasi Masalah

Naskah-naskah heubeul anu sumebar di masarakat mibanda kalungguhan anu penting, sabab mangrupa salah sahiji banda budaya bangsa. Pikeun mikaweruh tur ngamumulé warisan karuhun bisa dilakukeun ku cara ngaguar jeung ngimeutan karya-karya anu masih kénéh nyampak.

Ajén-ajén budaya anu ku para karuhun geus diwariskeun ka sélér Sunda geus loba ngalaman parobahan luyu jeung jaman. naskahKumpulan Mantrasalah sahiji naskah heubeul baris loba ngagambarkeun ajén-ajén budaya anu kungsi dipaké ku masarakat Sunda.

1.2.2 Watesan Masalah

Dumasar kana kasang tukang sakumaha nu diébréhkeun di luhur, sangkan ieu panalungtikan puguh jujutanana tangtu perlu diwatesanan. Dina naskahKumpulan Mantra kawilang loba pisan ajén nu nyampak. Ku kituna,sangkan puguh garapanana ieu panalungtikan baris diwatesanan ku ngadadarkeun jeung ngagambarkeun (ngadeskripsikeun) ajén budaya nu aya dina naskahKumpulan Mantra.

1.2.3 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah anu diébréhkeun di luhur, ieu panalungtikan téh dirumuskeun heula masalahna dina wangun kalimah pananya saperti ieu di handap.

1) Kumaha déskripsi naskahKumpulan Mantra?

2) Ajén budaya Sunda naon baé anu nyampak dina naskahKumpulan Mantra?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Satiap panalungtikan tinangtu mibanda tujuan. Sedengkeun Ieu panalungtikan mibanda tujuan anu dibagi jadi dua tujuan, nya éta tujuan umum jeung tujuan husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum nu hayang dihontal nya éta:

1) bisa ngeuyeuban pamikiran, pangaweruh ka nu maca, utamana nu teu wanoh kana karya sastra Sunda buhun,

2) bisa mikawanoh jeung weruh kana budaya Sunda baheula,

3) mangrupa tarékah pikeun ngamumulé jeung ngahudangkeun rasa kareueus kana kabudayaan Sunda utamana karya sastra Sunda buhun dina wangun mantra.

1.3.2 Tujuan Husus Panalungtikan:

Tujuan husus nu hayang dihontal nya éta:

1) ngadéskripsikeun naskahKumpulan Mantra,

2) transliterasi naskahKumpulan Mantra kana aksara Latén dumasa pamaekan Rusyana,

3) ngadéskripsikeun ajén-ajén budaya Sunda nu aya dina naskahKumpulan Mantra ngaliwatan unsu universal.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré sababaraha mangpaat, saperti ieu di handap.

1) Pikeun panalungtik, enggoning ngaguar ajén budaya ngaliwatan naskah Sunda buhun,

2) Pikeun nu maca, bisa nambahan pangaweruh ngeunaan ajén nu aya dina mantra,

3) Pikeun ngadéskripsikeun budaya Sunda, jeung bisa jadi bahan pieunteungeun kana sajarah kamekaran sastra jeung budaya Sunda,

4) Pikeun ngajembaran pangaweruh kana ulikan sastra wangun fiksi,

5) Pikeun nungtun nu maca keur ngajembaran pangaweruh ngeunaan hasanah budaya Sunda tur ngahudangkeun rasa jeung karumasa sangkan mikawanoh kana dirina dina widang sastra hususna sastra Sunda buhun.

1.5 Anggapan Dasar

Anu jadi anggapan dasar dina ieu panalungtikan téh diantarana baé ébréh saperti ieu di handap

a. Karya sastra Sunda wangun mantra nu sumebar di masarakat jumlahna loba pisan. Ku kituna, diperlukeun tarékah pikeun ngayakeun panalungtikan pikeun ngaguar ajén-ajén budaya Sunda buhun nu aya dina éta karya sastra,

b. Mantra mangrupa karya sastra nu teu leupas tina fungsi sosial masarakatna,

c. Dumasar kana kamekaran sastra Sunda perlu dilakukeun hiji tarékah dina nyusun sajarah boh sastrana boh budayana.

1.6 Wangenan Operasional

Saméméh ngalakukeun panalungtikan, dipedar heula istilah-istilah anu aya patalina jeung ieu panalungtikan. Hal ieu penting lantaran pikeun ngawatesan masalah-masalah panalungtikan anu baris dilaksanakeun.

1) Mantra nya éta mangrupa puisi buhun anu dianggap ngandung kakuatan go’ib. Dipakéna tara sagawayah. Mantra biasana dipapatkeun atawa ditalar. Maksud anu mapatkeun nya éta sangkan manéhna bisa ngagunakeun kakuatan gaib pikeun ngahontal hiji tujuan (Rusyana 1981: 65).

2) Idéntifikasi nya éta mangrupa hiji prosés satuluyna tina prosés déskripsi naskah ku cara nangtukeun hal-hal nu aya patalina jeung budaya. Nurutkeun dina KBBI (1994) idéntifikasi téh nya éta tanda diri, bukti diri, atawa nangtukeun jeung netepkeun idéntitas bisa mangrupa barang, jsb.

3) Ajén nya éta nilai, harga, kadar, atawa kualitas loba jeung saeutikna eusi, sipat-sipat (hal-hal) nu penting atawa aya gunana pikeun manusa (KBBI 1994).

4) Budaya Sunda nya éta alat anu dihasilkeun ku pikiran, akal, jeung pangaweruh anu nyampak dina kahirupan masarakat anu kiwari aya diwewengkon administrasi Jawa Barat jeung Banten.

5) NaskanKumpulan Mantranya éta salah sahiji naskah buhun anu eusina rupa-rupa mantra, isim jeung paririmbon. Ditulis ngagunakeun aksara Arab Pégon, basana nu digunakeun Sunda, Arab, jeung Jawa.

BAB II

TATAPAKAN TEORI

2.1 Mantra

2.1.1 Wangenan Puisi Mantra

Puisi mantra mangrupa puisi anu dianggap ngandung kakuatan gaib. Dipakéna tara sagawayah. Mantra biasana dipapatkeun ditalar. Maksud anu mapatkeun nya éta sangkan manéhna bisa ngagunakeun kakuatan gaib pikeun ngahontal hiji tujuan (Rusyana dina Nurléla, 2008: 12).

Nurutkeun Rusyana dina Nurlela (2008:12-13), puisi mantra téh mangrupa puisi lisan anu kagolong kana golongan kaopat tina lima golongan puisi lisan, nya éta puisi anu patali jeung upacara, paneneda, jeung pamuji anu ditunjukeun ka rupa-rupa sesembahan.

Kecap mantra téh lain kecap Sunda pituin, tapi kecap anu asal muasalna tina basa Sansekerta. Dina basa Sansekerta kecap mantra ngandung dua harti; kahiji, mantra téh nya éta pikiran, angen-angen anu dikedalkeun kalayan tujul, dina waktu sumembah atawa dina keur muji, Kadua, mantra téh dipakéna dina upacara panglélér atawa ngistrénan nu diwujudkeun dina wangun kawih, pupujian, atawa tulis-tulisan penghormatan (il. Isnéndés, 1998: 18).

Kecap mantra di tatar Sunda téh geus kawilang ilahar sarta geus keuna deui kana harti anu dipimaksud. Malah dina naskah buhun taun 1518 ogé éta kecap teh geus ilahar dipaké, sakumaha katerangan ieu di handap.

Hayang nyaho di sakawéh ning aji mantra ma: jampa-jampa, geugeui(ing), susuratan, sasaranaan, kaséangan, pawayagahan, puspaan, susudaan, huriphuripan, tu(n)duk iyem, paparasén, pasakwan: sing sawatek aji ma sang brahmana Tanya. (Ruhaliah, 2002: 65)

Nurutkeun éta cutatan tétéla yén harita ogé puisi-puisi nu saperti kitu téh geus disebut “sakéhing aji mantra”. Bisa ditandeskeun yén masarakat Sunda baheula geus wanoh kana rupa-rupa mantra sakumaha nu disebut di luhur.

2.1.2 Gelarna Mantra

Nurutkeun sawatara ahli, mantra téh gumelarna dina mangsa animisme/dinamisme, raket patalina jeung kapercayaan urang Sunda alam harita. Dina kamekaranana, kapangaruhan ku ageman urang Sunda sapandeurieunana. Hal éta kapanggih dina sawatara mantra anu ngagunakeun kekecapan tina basa arab. Bisa jadi mangrupa bukti, sanajan urang Sunda geus ngagem agama Islam, tapi henteu ngaleupaskeun sagemblengna kapercayaan karuhun (Tamsyah, 1996:15).

Mantra gelar dina wangun lisan, biasana diapalkeun. Cara nyebarkeunana tatalépa ti hiji jalma ka jalma lian. Nu miboga mantra umumna jalma-jalma nu geus déwasa atawa dianggap déwasa. Hal ieu patali jeung cara nurunkeun mantra, baheula mah teu bisa sambarangan boh waktuna boh jalmana, kitu deui carana. Dina nurunkeun mantra aya tahap-tahap nu kudu dipilampah, aya nu kudu puasa heula, aya nu waktuna teu meunang sambarangan, jeung sajabana; sakapeung aya pakakas husus nu dipaké marengan nurunkeun mantra, upamana waé parupuyan sapuratina (Ruhaliah, 2002:65)

Mantra dipercaya bisa ngadatangkeun kakuatan go’ib, ku kituna loba aturan jeung pantrangan. Hal-hal nu kudu dipigawé sangkan meunang mantra atawa mantrana teu cambal disebutna pamali, saperti puasa, mati geni, tatapa, tirakat, ngisat diri, jeung sajabana (Rosidi dina Ruhaliah, 2002:65-66). Mantra baheula teu dipaké sambarangan, tapi biasana aya tujuan husus. Cara makéna ogé aya aturanana, nu ditangtukeun ku nu nepikeun atawa jalma nu dianggap ngawasa mantra. Kahirupan mantra robah luyu jeung kahirupan manusa nu makéna. Jalma-jalma nu ngagunakeun mantra kalawan tujuan magis kiwari geus teu pati loba. Kitu deui nu ngamilikna ngan ukur golongan kolot, nu umurna geus cueut ka hareup. Nu ngora kénéh mah langka pisan (Ruhaliah, 2002:66). Jaman kiwari mantra geus dipaké bahan pangajaran di lembaga pendidikan mangrupa salah sahiji pangajaran sajarah jeung aprésiasi sastra Sunda.

2.1.3 Papasingan Mantra

Ditilik tina pungsi, paranti naon dipakéna, jeung suasana ngedalkeunanana mantra dibagi jadi genep golongan nya éta, asihan, ajian, singlar, rajah, jampé jeung jangjawokan (Rusyana dina Nurléla, 2008: 13).

2.1.3.1 Asihan

Asihan dipapatkeun kalawan maksud sangkan nu séjén mikaasih ka diri urang. Nurutkeun Rusyana ngaliwatan Nurléla (2008: 14), asihan téh mangrupa mantra nu dipakéna pikeun ngawasa sukma nu lian, anu dipikacinta, sangkan bogoheun jeung sangkan anu mapatkeun éta asihan pinunjul kakasépanana atawa kageulisan tepi ka saréréa pada asih. Matak geus ilahar dina asihan mah sok ditungtungan ku ungkara kayaning; malik welas malik asih ka awaking, atawa sih asih ka awaking, atawa sira welas sira asih ka awaking.

Aya asihan anu maksudna ngararajét haté nu lian, tapi ngararajét di dieu mah maksudna rajét ku bakating asih. Ku parna-parnana asih, nu lian bisa tepi ka teu ngeunah dahar teu ngeunah nginum. Nepi ka aya asihan nu eusina kieu; “kéjo asa catang bobo, uyah asa akar manjah, cai asa tulak bari, lauk asa bau buruk atawa nu bogoh paboro-boro, nu hayang paheula-heula, nu beuki pagiling-giling, né banyu pagulung-gulung, né atma paheula-heula”, saperti conto ieu di handap

Asihan Si Burung Pundungi

Nu cunduk bayu si anu

nu datang atmana si éta,

reujeung satineung jeung aing

mangaka datang jeung ragana

mangka cunduk jeung bayuna

mangka baraya jeung satineung

mangka tunggal atmana

iya rasa nira iya rasa nisun

saking purbaning pangéran

asih ka asih ka awaking

nubogoh paboro-boro

nuhayang paheula-heula

nu beuki pagiling-giling

né banyu pagulung-gulung

né atma paheula –heula

mangka reujeung satineung

datungkul geusan jeung sukma

mangka lebur ucus rumangga bayahna

mangka rug-rug sagala

mangka asih ka awaking da urang reujeung sarasa,

da urang reujeung satineung

da urang reujeung sa bayu

daurang reujeung sarasa

da urang reujeung satineung

iya iku asihan sang uleut jati

asihan reumeuk salira.

(tina naskah Kumpulan Mantra: 62)

2.1.3.2 Ajian

Ajian mangrupa mantra anu dipapatkeun kalawan maksud pikeun kakuatan, kabedasan, jsb. Nurutkeun Rusyana ngaliwatan Nurléla (2008: 14) ajian mangrupa mantra nu dipakéna pikeun meunang kakuatan pribadi, sangkan jejem, gedé sima, boga pangabaran, ludeungan, henteu keuna ku rupa-rupa balai jeung wisaya, bedas jeung awét ngora. Kitu deui pikeun meunang karahayuan, pikeun ngajaga lembur, rajakaya, pepelakan, jeung ingon-ingon.

Karéréaana mah ajian téh dipakéna geusan meunang karahayuan jiwa, raga jeung pakaya. Tapi aya ogé anu sok dipaké pikeun maksud nandasa nu lian, nya éta ajian-ajian anu sok diparuhit ku tukang teluh. Ieu di handap conto ajian pikeun meunangkeun kakuatan pribadi

Paranti Asup kana Bilik

Les peteng nu peteng

les leungit tandana peteng

Nini Hanatik leutik

asup kana ruas leutik

awaking Si Raga Ruas

(tina Naskah Kumpulan Mantra:29)

2.1.3.3 Singlar

Singlar nya éta mantra anu dipapatkeun pikeun nyinglar atawa nyingkahkeun hal-hal anu teu dipikahayang, saperti kasakit, siluman-silemin, jeung sajabana. Numutkeun Rusyana ngaliwatan nurléla (2008: 15) singlar téh mangrupa mantra nu dipakéna pikeun nyinglar jurig, kuntilanak, lelembut, anu sakira sok ngaganggu ka manusa. Kitu deui sok dipaké nyinglar sasatoan, sato leuweung, hama, musuh, atawa tina gangguan alam kayaning ti nu guludug, jeung hujan angin, dina ngariksa kebon jeung pepelakan, jeung kasalametan diri. Singlar dipakéna geusan meunang karahayuan, jadi pikeun tujuan-tujuan anu hadé. Ieu dihandap conto singlar paranti ngajauhkeun/panolak tina sagala panyakit

Panolak sagala panyakit

Ong gambang-gambung

teluh katimpuh buta kasinglar

wong sira pada suminggah

ya wisésa

ya aing patapan masdaru

patapan daruni

ratu neluh buta ajur

Si Lumbak Si Atong

Si Ngudak Si Cocolongok

Si Kapulaga sira liman jeneng

ingsun Sutera Mangaya

luwas waluya walaidun desit

cundek kalacalu sipat nabi

Sipat iman iya Rosululloh

(tina Naskah Kumpulan Mantra:28)

2.1.3.4 Rajah

Rajah téh dipapatkeun maksudna salamet, henteu kakeunaan ku hal-hal anu teu dipikahayang, saperti barang aya nu maling, keuna ku panggawé batur, jeung sajabana. Numutkeun Rusyana ngaliwatan Nurléla (2008: 15) rajah nya éta mantra anu dipaké paranti ari ngambah alas sanget, muka pihumaeun, nalukkeun siluman-sileman, nulak gawé anu jail, ngaruat, caah atawa hujan, ngajampé anu gering, pamunah impian goréng, jeung sajabana. Éta maksudna mah pikeun meunangkeun karahayuan, dijauhkeun tina gangguan rupa-rupa dedemit jeung siluman-sileman. Ieu di handap conto rajah paranti pamunah hah-hal nu matak ngaganggu kana banda atawa bobogaan

Rajah Pamunah kana Sagala Raja banda

Bisi Keuna ku Longlongan

Bismillaahirrohmaanirrohiim

Nini Raja Puhara Aki Raja Puhara

ulah idi ka pepelakan aing

maring pare maring sipat sajeneng

kalawan ingsun sasipat

kalawan ingsun maojud maring datulloh

maring sipat béas

sajeneng kalawan isun

maojud maring datulloh

Sri asih ka bangsa tunggal kagungan

Sri suci mulya badan

sampurna tunggal iman

Ambu pancering iman

Bapa tangkaling iman

gagang aing gagang iman

salupih aing dadi lansip

dadi sasip dadi lancip

(tina Naskah Kumpulan Mantra: 34)

2.1.3.5 Jampé

Jampé mangrupa mantra nu dipapatkeun pikeun ngubaran atawa ngaleungitkeun kanyeri, kasakit, atawa kabiasaan anu teu hadé supaya jadi hadé, cageur, jsb. Nurutkeun Rusyana ngaliwatan Nurléla (2008: 15) jampé mangrupa mantra nu dipaké pikeun nyageurkeun kasakit jeung kacilakaan, upamana baé lamun kabeureuyan, dicoco kala, katerap kasakit puru rawit, jéngkoleun, jeung sajabana. Ieu di handap conto jampé anggota badan anu keuna ku panyakit

Paranti Ngajampé Ceuli nu ku Lenyé

Bismillaahirrohmaanirrohiim

Sri Wilayang wiyat guna mulih guna

Sira mati yamati ya mati ya.

(tina Naskah Kumpulan Mantra: 26)

2.1.3.6 Jangjawokan

Jangjawokan dipapatkeun pikeun ménta kasalametan dina nyorang hiji pagawéan. Nurutkeun Rusyana ngaliwatan Nurléla (2008: 16) jangjawokan téh mangrupa mantra nu dipaké pikeun milampah hiji pagawéan, anu dipalar sangkan pinunjul hasilna, sarta nu milampahna aya dina karahayuan. Dipapatkeun upama urang rék turun, leumpang, diuk, nangtung, midang, nganjang, masamoan, keupat, seuri, ngadeuleu, nyiuk béas, ngisikan, dahar, nginum, nyeupah, jsb. Ieu di handap conto jangjawokan paranti ngala lauk

Paranti Ménta Lauk

Aki Batara Gangga nu ti girang

Aki Batara Ginggi nu ti hilir

aing ménta ingon-ingon

geura top

(tina naskah Kumpulan Mantra: 07)

2.2 Wangenan Idéntifikasi

Istilah idéntifikasi sacara harfiah bisa dihartikeun ngaguar atawa menemukan atau menemukenali. Dumasar kana Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI: 1994) idéntifikasi nya éta tanda kenal diri, bukti diri, penentu atau penetapan idéntitas seseorang atau benda, jsb.

Dina harti sacara heureut idéntifikasi nya éta mangrupa prosés ngaguar gejala budaya nu aya di hiji lingkungan masarakat. Ieu hal dilakukeun pikeun mikanyaho aya unsur budaya naon baé dina éta karya sastra.

Budaya Sunda ngawengku kana sababaraha aspék, nya éta ngaran jeung gelar, étikét, basa, papaés, pusaka, jeung upacara daur hirup manusa (Kroeber,1963: 3, Kartodirdjo, 1987, Abdullah, 1994, Herlina, 2008: 1).

1. Ngaran jeung Gelar

Saméméh kamerdékaan, ngaran nu dipaké ku urang Sunda, saluyu jeung status sosialna. Pikeun kaum ménak (bangsawan), ngaran diganti saluyu jeung umur, status, jeung jabatan. Nalika lahir biasa dibéré ngaran leutik nu ilahar disebut nénéh.

2. Étikét

Étikét atawa tatakrama nya éta wanda sopan-santun nu ngagambarkeun sikep, paripolah, jeung kalakuan. Dina harti séjén, tatakrama nya éta tingkah laku, lampah paripolah nu nyampak ngawengku gerak, papaés, jsb. Tatakrama dipaké pikeun nyieun lolongkrang antara hiji jalma jeung jalma lianna nu didasarkeun kana status sosial, boh ka nu luhur boh ka nu leuwih handap. Tatakrama ogé dipaké sakaligus pikeun nuduhkeun hiji darajat, jabatan, jeung kahormatan.

3. Basa

Basa cicirén bangsa, hiji jalma bisa diajén dumasar kana carana maké basa ka jalma nu lian. Saurang jalma bisa disebut hadé gogog hadé tagog saupama hadé basa jeung hadé paripolahna. Mangsa karajaan Sunda (Pajajaran), basa Sunda bisa disebutkeun basa nu démokratis, teu wanoh kana undakusuk basa Sunda atawa tingkatan basa. Sanggeus Priangan kaeréh, basa Sunda robah jadi basa nu feodalistik. Hal ieu balukar tina kakawasaan Mataram (1620-1677), basa Jawa jadi basa resmi pamaréntahan di Priangan. Salila tilu abad, basa Jawa dianggap basa nu luhur ajénna, sedengkeun basa Sunda jadi nu nomer dua. Pangaruhna kana basa Sunda leuwih gedé, nepi ka basa Sunda nu tadina démokratis jadi feodalistik, maké (undak-usuk basa Sunda), nya éta ayana basa lemes pisan, basa lemes, basa sedeng atawa basa lemes keur ka sorangan, basa kasar, jeung basa kasar pisan.

4. Papaés

Mode atawa fashion mekar saluyu jeung jamanna. Sok sanajan kitu aya pakéan nu jadi ciri has nu dianggap pakéan tradisi Sunda. Dina kamekaranana dimodifikasi ku ayana pangaruh deungeun (Cina, Barat, Arab), tapi wangun asli Sunda masih bisa dipikawanoh.

5. Réligi jeung Kapercayaan

Mangsa Karajaan Sunda, agama nu hirup di masarakat Sunda nya éta Hindu jeung Budha. Agama Hindu kaitung langgeng ti mimiti awal abad ka-5 nepi ka abad ka-16.

Pangaruh Islam asup ka Nusantara dimimitian ku ayana padagang-padagang bangsa Arab (kampung Arab Islam di Sumatera Barat) , Persia, jeung Gujarat abad ka 7 (Hamka dina Suryanegara, 1995: 86). Ku éta hal, bisa disebutkeun yén pangaruh Islam asup ka tatar Sunda téh teu jauh tina abad ka 7 ditandaan ku asupna Saudar Arab di Sunda Kalapa. anu satuluyna mekar kalawan bukti ayana perkawinan Nyai Lara Santang jeung Sultan Mahmud ti Mesir, satuluyna pasantrén Syéh Quro di Karawang. Dina abad ka-15, Islam disebarkeun ku Sunan Gunung Jati, Sultan Ratu ti Cirebon. Prosés Islamisasi ogé dilakukeun ku sababaraha ulama nu dianggap satengah wali, diantarana wé Syékh Abdul Muhyi di Pamijahan, Maulana Hasanudin jeung putrna Maulana Yusuf di Kasultanan Banten, jeung Sunan Godog di Garut. Aya masarakat Sunda nu teu bisa diIslamkeun nya éta masarakat Baduy di Kabupatén Lebak nu tetep ngagem agama Sunda Wiwitan.

Sésa-sésa ritual tradisi Hindu, témbong dina wangun sinkrétisme jeung agama Islam. Contona aya wangun Masigit nu suhunanana diéntép tilu, anu mangrupa wangun candi, kabiasaan acara tiluna, tujuhna, matang puluh, natus jeung néwu, jsb.

6. Pusaka

Umumna, pusaka nu aya di kaum ménak mah mangrupa keris, tumbak, pedang, taméng, gamelan, wayang, tempat seureuh, emas, naskah kuno, jsb.

Pusaka bisa dipimilik ku cara tapa ngaliwatan kakuatan gaib, atawa mangrupa warisan karuhun. Nu matak teu ahéng lamun aya pusaka dianggap boga kakuatan go’ib, ku kituna kudu disimpen di tempat nu hadé jeung kudu diopénan (dimandikeun unggal bulan Mulud, dibéré sasajén, meuleum menyan dina poé salasa jeung jumaah, jeung ngarajah heula mun rék dibaca).

7. Upacara Daur Hirup Manusa

Upacara daur hirup manusa di masarakat Sunda ngawengku kana tilu bagian, nya éta upacara lahir, nikah, jeung maot. Di masarakat Sunda, boh cacah boh ménak dina upacara lahiran, upacara nikahan, jeung maot teu pati béda. Anu ngabédakeun nya éta tina tingkat raraméanana wungkul.

2.3. Wangenan Sunda

Nurutkeun Ma'mun dina Rusdiana (2008: 25) kecap Sunda asalna tina kecap asing kabudayaan Hindu sarua jeung kecap Sumatra, Madura, Bali nu nuduhkeun hiji tempat. Salian ti nuduhkeun tempat, kecap Sunda ngandung harti saperti:

a. Tina basa Sansekerta miboga harti: asal Sund hartina moncorong (cahya), ngaran pikeun Déwa Wisnu, ngaran satria raksasa tina kisah Upasunda, ngaran Wanara tina kisah Ramayana, bodas dina legenda Gunung Sunda,

b. Tina basa Kawi miboga harti, nyusun, rangkep, naek, hiber, candrasangkala nunjukkeun angka dua;

c. Tina basa Sunda miboga harti tempat pikeun nyimpen barang, saperti paré, alus, unggul, senang, puas, satuju, lalaki kasép, awéwé jeung ngaran déwa.

Kamajaya, dina kamus Jawi Prancis, harti Sunda nya éta kacida pisan éndahna tur héjo ngémploh. Nétélakeun leuwih jero enggoning néangan harti kecap Sunda perlu ngalakukeun hiji tarekah semiotik, pikeun étnik Sunda dipikawanoh panca S nya éta silib, sindir, siloka, simbul, sasmita (Suryalaga dina Rusdiana, 2008: 26).

Ngaliwatan pendekatan semiotik, bisa ditilik tina segi harti anu aya dina pantun Sunda (Lutung Kasarung) dina abad ka-17 saperti ieu di handap:

Teundeun di handeuleum sieum

tunda dihanjuang siang

paragi nyokot ningalkeun

dituruban ku mandepun

diwadahan ku cupumanik astagina

diteundeun di liliwatan

dibuka ku nu ngaliwat

anu weruh ku semuna

anu apal ku basa

anu rancage hatena

anu rancingas rasana

dibuka patinghaleuang

Incu putu tigang ewu

Bagawan sawidak lima

Ma’na tina ieu pantun nétélakeun yén perluna sikep arif bijaksana dina jero ngahartikeun kabéh amanat ti karuhun Sunda.

Nurutkeun Gonda (dina Ekadjati, 1995: 3) Sunda téh mimitina tina kecap Suddha dina basa Sansekerta dilarapkeun kana hiji gunung nu jangkung beulah kulon Pulau Jawa. Dina Énsiklopedia Sunda disebutkeun nu dimaksud Sunda nya éta ngaran wilayah di beulah kulon Pulau Jawa. Beulah wétan diwatesanan ku Cipamali nepi ka abad ka-16, terus dipindahkeun ka Cilosari.

2.4. Wangenan Ajén Budaya

2.4.1 Ajén

Nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda(LBSS), harti kecap ajén nya éta pangaji, nilai atawa harga sedengkeun nurutkeun pamadegan séjén, ajén téh nya éta hiji kayakinan atawa nu dipercaya minangka idéntitas nu méré ciri husus kana pola pikir, rasa, jeung tingkah laku (Darjat, spk, dina Rusdiana,2008:27). Nurutkeun Achadiati Ikram (1992: 14) nu disebut ajén téh nya éta pamadegan ngeunaan kahirupan nu dianggap penting ku hiji masarakat di lingkunganana. Sedengkeun nurutkeun Bertens dina Rusdiana (2008: 27) nu disebut ajén téh nya éta hal anu narik ati, anu ditéangan, anu matak nyenangkeun, anu matak dipikaresep, jeung dipikahayang.

Pamadegan-pamadegan di luhur, dina enas-enasna intina mah sarua. Jadi, bisa dicindekkeun yén ajén téh nya éta hal-hal nu mibanda ajén atawa harga anu hadé sarta dianggap penting pikeun kahirupan jalma sarta mibanda ciri nu husus jeung bisa dijadikeun cecekelan hirup manusa.

Ayana ajén dina kahirupan masarakat mangrupa alat ukur, nya éta salaku pangukur hadé jeung goréngna paripolah jalma di masarakat atawa di hiji tempat. Sumber ajénna sorangan bisa tina adat istiadat, lingkungan, agama, sastra lisan, sastra tinulis, jsb.

2.4.2 Budaya

Sacara étimologis kecap budaya téh asalna tina basa Sansekerta budi jeung daya, anu miboga harti usaha, tanaga, karep, pikiran sarta parasaan jelema ( Danadibrata, 2006: 108). Jadi harti budaya téh nya éta tanaga atawa kakuatan anu aya patalina antara akal jeung budi. Ku kituna budaya téh aya dina uteuk (kahayang) anu ngagelarkeun rupaning karya lantaran budaya diwengku ku sakabéh karya, rasa, jeung cipta.

Nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda, anu disebut budaya téh nya éta pikiran, akal, jeung pangaweruh. Lian ti éta, kabudayaan téh nya éta sagala rupa hasil budaya manusa saperti basa, lembaga, agama (cara-cara ibadah).

Koentjaraningrat dina Herlina L. (2004: 1) nétélakeun yén budaya téh nya éta:

“seluruh totalitas dari pikiran manusia yang tidak berakar pada nalurinya dan karena itu hanya bisa dicetuskan oleh manusia setelah melalui suatu proses belajar, karena meliputi hampir seluruh aktivitas manusia dalam kehidupannya.”

Sanajan béda-béda pamadegan, tapi enas-enasna mah sarua. Tiap pamadegan miboga pamikiran nu sarua yén ngaku ayana hiji karya ciptaan manusa. Tina sababaraha wangenan di luhur bisa dicindekkeun, nu disebut budaya nya éta hasil buah karya manusa nu teu weléh dipangaruhan ku jamanna nu saluyu jeung manusana éta sorangan. Tina paripolah nu goréng jadi hadé tina hadé jadi leuwih hadé, anu ngawengku kaparigelan kana sakabéh widang kahirupan sapopoé. Sakabéh paripolah ieu aya patalina jeung kabudayaan sabab budaya téh mangrupa hiji beungkeutan pikiran, karya, jeung hasil karya manusa.

2.5 Wujud Kabudayaan

Wujud kabudayaan aya dua bagian nya éta kabudayaan materil jeung kabudayaan non materil. Wangun kabudayaan materil nya éta nu mangrupa cipta, rasa, karsa jeung karya manusa nu ngawujud benda. Kabudayaan materil nya éta hasil karya, cipta, rasa, karsa manusa nu mangrupa adat-istiadat, aturan-aturan, élmu pangaweruh, agama, seni, jsb.

Hakékat kabudayaan kudu ngandung sipat-sipat keluhuran jeung kehalusan nu nangtukeun luhur handapna ajén tina éta budaya. Tujuh unsur kabudayaan universal dibagi kana tilu wujud budaya. Nurutkeun Koentjaraningrat (1990; 186-188) wujud kabudayaan téh diwangun ku tilu rupa, nya éta wujud ideal, wujud social jeung wujud fisik.

a. Wujud Ideal

Ieu wujud téh sipatna abstrak, sabab ieu wujud nu kahiji mangrupa idé-idé (pamikiran jeung gagasan). Wujud ieu bisa nyampak saupama geus dijieun karangan, buku-buku, mikro film, jsb. Ieu wujud ogé bisa disebut adat tata paripolah nu ngatur, nangtukeun, jeung méré pituduh ka kahirupan manusa di masarakatna.

b. Wujud Sosial

Wujud sosial nya éta mangrupa aktivitas manusa dina paripolahna ngalakukeun hiji interaksi sosial, dumasar kana norma nu aya di lingkunganana. Miboga sipat konkrit, sabab interaksi sosial bisa diobervasi, jeung bisa didokuméntasikeun.

c. Wujud fisik

Wujud fisik mangrupa hasil karya dina wangun pakakas hasil tina karya manusa, ieu wujud sipatna paling kongkrit, sabab bisa dirampa, diobservasi, jeung didokuméntasikeun.

2.6 Unsur-unsur Kabudayaan

Koentjaraningrat dina Rusdiana (2008: 30) nétélakeun yén unsur-unsur kabudayaan miboga sipat universal. Hartina, unsur éta téh nyampak jeung bisa dipaluruh dina kabudayaan bangsa mana baé. Anapon unsur-unsur budaya nya éta:

1) peralatan atawa pakakas hirup manusa (sandang, papan, pakakas dapur, pakarang, alat produksi, transportasi, jsb.),

2) pakasaban jeung sistem ékonomi (pertanian, peternakan, sistem produksi, sistem distribusi),

3) sistem organisasi atawa kamasarkatan (sistem kekerebatan, organisasi politik, sistem hukum, sistem perkawinan, jsb),

4) sistem basa, unggal masarakat di dunya dina interaksi sosialna moal leupas

tina basa boh sacara lisan boh tulisan;

5) kasenian, pikeun ngébréhkeun rasa éndah, gumbira, sedih, bisa diwujudkeun dina wangun seni, bisa mangrupa seni gerak, seni rupa, sastra, seni tari, seni pahat, jsté.

6) sistem élmu pangaweruh, pikeun ngaronjatkeun ajén kahirupan di masarakat, bangsa, jeung nagara, unggal jalma kudu miboga élmu pangaweruh; jeung

7) sistem réligi jeung kapercayaan, unggal masarakat di dunya, ngabogaan sistem réligi jeung kapercayaan pikeun cecekelan hirupna, pon kitu deui masarakat Sunda. Ti jaman karuhun nepi kiwari masih kénéh aya anu ngagem pangaruh alam mistik.

Sakabéh unsur anu geus ditataan di luhur téh, ngajanggélék dina wangun budaya anu tilu, nya éta mangrupa wujud ideal, sistem budaya nu mangrupa sistem sosial, jeung anu mangrupa unsur-unsur budaya dina wangun pisik.